Senin, 01 April 2013

PIDATO

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh…
Hamdan wasyukron lillah amab’du
Langkung ti payun mamjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat allah swt.kalayan rahmat,hidayat sarta inayah na urang sadaya tiasa patepung lawung patepang wajah dina acara paturay tineung murid kelas genep MI AL-Hidayah.
Salajeng na solawat sinareng saalam mugi tetep di limpahkeun ka junjunan urang sadaya kanjeng nabi Muhammad saw.ka para kulawargina,ka para sohabatna tur dugi ka urang sadaya salaku umat anjeuna .
Dina kasempatan ieu simkuring atas nami rerencangan sakelas ngahaturkeun nuhun ka bapa kepala sakola sinareng bapa ibu guru sadayana. nu mana berkat jasa-jasa sinareng pengabdian bapa ibu guru sadayana dina ngadidik,ngabimbing sareng ngajar sim kuring kalayan pinuh ku katekunan, kasabaran, katawakalan sehingga simkuring sadaya hasil ngarengsekeun diajar kalayan sukses sarta nilai anu ngagumbirakeun.
Sajabi ti eta simkuring oge ngaraoskeun ayana kaakraban hubungan antara simkuring sareng bapa-ibu guru sadayana salami simkuring diajar di sakola ieu, sahingga karaosna ku simkuring sapertos dina asuhan nu janten sepuh bae.
Jalaran hal ieu, sim kuring ngaraos abot sarta susah kanggo mopohokeun kenangan jasa-jasa sae bapa-ibu guru sadayana anu parantos nempel dina manah simkuring.
Salajengna dina kasempatan ieu simuring mung tiasa manjatkeun do’a ka dzat Allah anu maha kawasa, mudah-mudahan bapa-ibu guru sadayana salamina dipaparinan kakiatan kasehatan, kasajahteraan sarta salamina aya   dina lindunganana. margi mung ku do’a ieu sim kuring ngaraos teu mungkin mampu pikeun ngawales jasa serta budi bapa-ibu guru anu teu kaetang seuerna nu parantos di pasihkeun ka simkuring sadayana.
Mangka dina kasempetan ieu, sim kuring teu hilap ngahaturkeun nuhun sarta nyuhunkeun di hapunten nu sa’ageung-ageungna tina sagala kahilapan boh nu dihaja atanapi nu teu di haja atanapi aya prilaku anu teu saluyu sareng kahoyong bapa-ibu sadaya salami simkuring janten anak didik di sakola ieu.
Akhirna kalayan perasaan abot pikeun ngantunkeunana,mudah-mudahan ku bekel nu parantos ka pimilik ti bapa-ibu guru sim kuring sadaya tiasa ngagunakeunana sakumaha mistina pikeun ngudag sarta ngahontal cita-cita sim kuring sadaya .
Akhirulkalam wassalamualaikum warahmatullahiwabrakatuh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar