PANIATAN ZIARAH
Pasejaan urang dina milampah ziarah
kuburan para wali.diantawisna:
1. Seja tumut kana parentahan kanjeng
Nabi Muhammad saw sakumaha tipayun parantos di uningakeun.
2. Seja turut tumut kana sunah
kanjeng Nabi Muhammad saw
3. Seja ngalpa Barokah ti aranjeun
na,boh kaberkahan tina ilmu aranjeuna atanapi karomah tina kawalian nana
4. Seja ngalap i'tibar/ngalap conto
tina wapatna sareng napak tilas kana sagala rupi kasawan aranjeuna nalika
jumeneng di alam dunya,anu mangrupi amal-amal sholeh sarta akhlakulkarimah.
5. Seja ngadamel cukang
lantaran/midang saraya ka aranjeuna sangkan aranjeuna kersa ngado'akn serta
ngadugikeun maksud urang ka Allah swt sahingga do'a urang langkung caket di
ijabahna.
TATA KRAMA ZIARAH
Ngajaga tina pangdorakaan dina tempat ziarah saperti:
a.ngalengkahan kuburan
b.ulah padeukeut jeung awewe jeung lalaki anu lain mahram
c.ulah nyolodorkrun sampean kana arah kuburan anu di ziarahan
d.ulah nyalikan kana kuburan.
Ngalaksanakeun pasunatan-pasunatan dina nalika ziarah
saperti:
a. gaduh wudu
b. ganggo pakean anu sae
c. nganggo seuseungitan
d. dawam dzikir sareng aos-aosan anu sanesna
Tidak ada komentar:
Posting Komentar