Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh…
Hamdan wasyukron lillah amab’du
Langkung ti payun mamjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat allah
swt.kalayan rahmat,hidayat sarta inayah na urang sadaya tiasa patepung lawung
patepang wajah dina acara paturay tineung murid kelas genep MI AL-Hidayah.
Salajeng na solawat sinareng saalam mugi tetep di limpahkeun ka
junjunan urang sadaya kanjeng nabi Muhammad saw.ka para kulawargina,ka para
sohabatna tur dugi ka urang sadaya salaku umat anjeuna .
Dina kasempatan ieu simkuring atas nami rerencangan sakelas
ngahaturkeun nuhun ka bapa kepala sakola sinareng bapa ibu guru sadayana. nu
mana berkat jasa-jasa sinareng pengabdian bapa ibu guru sadayana dina
ngadidik,ngabimbing sareng ngajar sim kuring kalayan pinuh ku katekunan, kasabaran,
katawakalan sehingga simkuring sadaya hasil ngarengsekeun diajar kalayan sukses
sarta nilai anu ngagumbirakeun.
Sajabi ti eta simkuring oge ngaraoskeun ayana kaakraban hubungan
antara simkuring sareng bapa-ibu guru sadayana salami simkuring diajar di
sakola ieu, sahingga karaosna ku simkuring sapertos dina asuhan nu janten sepuh
bae.
Jalaran hal ieu, sim kuring ngaraos abot sarta susah kanggo
mopohokeun kenangan jasa-jasa sae bapa-ibu guru sadayana anu parantos nempel
dina manah simkuring.
Salajengna dina kasempatan ieu simuring mung tiasa manjatkeun do’a
ka dzat Allah anu maha kawasa, mudah-mudahan bapa-ibu guru sadayana salamina dipaparinan
kakiatan kasehatan, kasajahteraan sarta salamina aya dina lindunganana. margi mung ku do’a ieu sim
kuring ngaraos teu mungkin mampu pikeun ngawales jasa serta budi bapa-ibu guru
anu teu kaetang seuerna nu parantos di pasihkeun ka simkuring sadayana.
Mangka dina kasempetan ieu, sim kuring teu hilap ngahaturkeun nuhun
sarta nyuhunkeun di hapunten nu sa’ageung-ageungna tina sagala kahilapan boh nu
dihaja atanapi nu teu di haja atanapi aya prilaku anu teu saluyu sareng
kahoyong bapa-ibu sadaya salami simkuring janten anak didik di sakola ieu.
Akhirna kalayan perasaan abot pikeun ngantunkeunana,mudah-mudahan ku
bekel nu parantos ka pimilik ti bapa-ibu guru sim kuring sadaya tiasa
ngagunakeunana sakumaha mistina pikeun ngudag sarta ngahontal cita-cita sim
kuring sadaya .
Akhirulkalam wassalamualaikum warahmatullahiwabrakatuh
Tidak ada komentar:
Posting Komentar