Alhamdulilah
wasyukrulilah wa sholatu ala rosulilah ama ba’du
Sadaya puji hak Allah, Shalawat
sinareng salam mugia tetep dilimpahkeun ka panutan alam nyatana habibana
wanabiyan Muhammad SAW. Teu hilap ka keluargana, para shahabtna tut dugika
urang sadayana anu mudahan –mudahan tiasa turutt tumut kana ajaran mantena
aminn….
Para alim ulama, para ajengan, para
tuan guru sareng mudah-mudahan Allah ngamulyakeun
Apratur pemerintahan tibwahan dugika
atasan anu kusimkuring dipihormat sareng mudah-mudahan Allah ngamulyakeun
Para hadirin hadirat anu kusimkuring
dipihormat sareng mudah-mudahan Allah ngamulyakeun
Alhamdulilah dina dinteun ayeuna urang sadaya tiasa ngariung deui dina
raraga memperingati maulid nabi muhammad SAW anu pamudah-mudahan ku hadirna urang
dina acara memperingati maulid nabi muhammad SAW ieu sing tiasa kenging elmu anu manfaat sinareng
pamudah-mudahan Allah ngbalas ku ganjaran anu berlipet-lipet amin ya robal
alamin.
Simkuring anu kapancenan ngatur acara
dina
kegiatan memperingati maulid nabi muhammad SAW, nya nyusun acara sapertos anu bade
disebatkeun ayeuna, nyatana
1. Acara
bubuka
2. Pembacaan
ayat suci al-quran sinareng shalawat
3. Sambutan ti atas nami komite diniyah
4. Acara kreasi seni
5. Doa
sinareng tutup
Supadaos teu nyampolong teuing kana waktus
hayu urang kawitan wae iyeu acara ku pemaosan kalimah thoyibah sasarengan anu bade di
kapayunkeun ku anak-anak Paud
Salajeungna kana acara anu kadua
nyaeta pembacaan ayat suci alquran anu bade diaoskeun ku kersana ….. Kamantena
dihaturanan
Haturnuhun ka kersana ……………… anu
parantos maoskeun al-quran mudah-mudahan ku diaosna ayat suci alquran sing ageung
manfaatna khususna kanggo nu ngaosna umumna kanggo urang sadyana amin…
Ngalonjak kana acara anua katilu nyatana
sambutan ti atas nami komite dniyah anu bade didugikeun ku kersana ust oman ka
anjeuna dihaturanan
Hatur nuhun ka kersana ust oman
mudahmudahan sadaya anu didugikeun tiasa janteun motivasi kangge urang sadayana
amin
Salajeng acara pokok nyatana acara Kreasi
seni anu bade dipandu ku panitia...