Selasa, 07 Januari 2014

PEMBAWA ACARA MULUDAN


Alhamdulilah wasyukrulilah wa sholatu ala rosulilah ama ba’du
Sadaya puji hak Allah, Shalawat sinareng salam mugia tetep dilimpahkeun ka panutan alam nyatana habibana wanabiyan Muhammad SAW. Teu hilap ka keluargana, para shahabtna tut dugika urang sadayana anu mudahan –mudahan tiasa turutt tumut kana ajaran mantena aminn….
Para alim ulama, para ajengan, para tuan guru sareng mudah-mudahan Allah ngamulyakeun
Apratur pemerintahan tibwahan dugika atasan anu kusimkuring dipihormat sareng mudah-mudahan Allah ngamulyakeun
Para hadirin hadirat anu kusimkuring dipihormat sareng mudah-mudahan Allah ngamulyakeun
Alhamdulilah dina dinteun  ayeuna urang sadaya tiasa ngariung deui dina raraga memperingati maulid nabi muhammad SAW anu pamudah-mudahan ku hadirna urang dina acara memperingati maulid nabi muhammad SAW ieu sing tiasa kenging elmu anu manfaat sinareng pamudah-mudahan Allah ngbalas ku ganjaran anu berlipet-lipet amin ya robal alamin.
Simkuring anu kapancenan ngatur acara dina kegiatan memperingati maulid nabi muhammad SAW, nya nyusun acara sapertos anu bade disebatkeun ayeuna, nyatana
1.      Acara bubuka
2.      Pembacaan ayat suci al-quran sinareng shalawat
3.      Sambutan ti atas nami komite diniyah
4.      Acara kreasi seni
5.      Doa sinareng tutup
Supadaos teu nyampolong teuing kana waktus hayu urang kawitan wae iyeu acara ku pemaosan kalimah thoyibah sasarengan anu bade di kapayunkeun ku anak-anak Paud
Salajeungna kana acara anu kadua nyaeta pembacaan ayat suci alquran anu bade diaoskeun ku kersana ….. Kamantena dihaturanan
Haturnuhun ka kersana ……………… anu parantos maoskeun al-quran mudah-mudahan ku diaosna ayat suci alquran sing ageung manfaatna khususna kanggo nu ngaosna umumna kanggo urang sadyana amin…
Ngalonjak kana acara anua katilu nyatana sambutan ti atas nami komite dniyah anu bade didugikeun ku kersana ust oman ka anjeuna dihaturanan
Hatur nuhun ka kersana ust oman mudahmudahan sadaya anu didugikeun tiasa janteun motivasi kangge urang sadayana amin
Salajeng acara pokok nyatana acara Kreasi seni anu bade dipandu ku panitia...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar