Sadaya puji hak Allah, Shalawat sinareng salammugia tetep
dilimpahkeun ka panutan alam nyatana habibana wanabiyan Muhammad SAW. Teu hilap
ka keluargana, para shahabtna tut dugika urang sadayana anu mudahan –mudahan
tiasa turutt tumut kana ajaran mantena aminn….
Para alim ulama, para ajengan, para tuan guru wabil khusus ka
mubalig anu kusimkuring dipihormat sareng mudah-mudahan Allah ngamulyakeun
Apratur pemerintahan tibwahan dugika atasan anu kusimkuring
dipihormat sareng mudah-mudahan Allah ngamulyakeun
Para hadirin hadirat anu kusimkuring dipihormat sareng
mudah-mudahan Allah ngamulyakeun
Alhamdulilah dina subuh ayeuna urang sadaya tiasa ngariung deui dina
raraga kuliah subuh anu ka …………. anu pamudah-mudahan ku hadirna urang dina
acara pangaosan kuliah subuh ieu sing tiasa kenging elmu anu manfaat sinareng
pamudah-mudahan Allah ngbalas ku ganjaran anu berlipet-lipet amin ya robal
alamin.
Simkuring anu kapancenan ngatur acara kuliah subuh ieu, nya
nyusun acara sapertos anu bade disebatkeun ayeuna, nyatana
1.
Acara bubuka
2.
Pembacaan ayat suci al-quran
3.
Tausyiah
4.
Doa sinareng tutup
Supadaos teu nyampolong teuing kana waktus hayu urang kawitan
wae iyeu acara ku pemaosan kalimah thoyibah sasarengan
Salajeungna kana acara anu kadua nyaeta pembacaan ayat suci
alquran anu bade diaoskeun ku kersana ….. Kamantena dihaturanan
Haturnuhun ka kersana ……………… anu parantos maoskeun al-quran mudah-mudahan
ku diaosna ayat suci alquran sing ageung manfaatna khususna kanggo nu ngaosna
umumna kanggo urang sadyana amin…
Salajeng acara pokok nyatana siraman rohani ku kersana
ajengan …………….. Kamantena dihaturanan
Alhamdulilah acara tikawit dugika akhir parantos rengse tur
aya dina kalancaraan salajengna urang tutup wae ieu acara kuliah subuh ku doa
hitamul majlis sasarengan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar