Kamis, 18 September 2014

Pembawa Acara Nikahan



Pembawa Acara Nikahan
Bapak- ibu para wargi sadayana anu sami linggih hormateun simkuring, sakumaha ka uninga kusadayana alhamdulilah calon panganten pameget miwah rombongon parantos sumping ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang,
bismillah purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara
babasan pandika pagawean lamun nangtung ka jungjunan sing lurus bantun jeng tumbuh buah seureuhna.
Neda panyaksen acara bade dikawitan
Pangersa calon  panganten pameget miwah rombongan  jagong tuhur menang ngunun haturan wilujeng sumping di sugeung ing pucuk galuh kelurahan lampegan kateulahna, tempat anyar panghareupan sarakat keur kahirupan kulawargi
Calon panganten istri, bisi sijalu hanjelu silanang honcewang sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan
Tawis panampian tatamu tanda kameumeut kadeudeuh tawis asih ti kakasih tanda tresna kanyaah mangga geura gkalungkeun eta mangle tawis pangrumrum hate perseka kabersihan manah
Haturan wilujeng sumping ka calon panganten pameget  tutut gunung keong rema sumangga geura gek calik,
Seserahan
Para hadirin miwah para tatamu sadayana hususna ka calon panganten pameget miwah rombongan.
Bawi raos emutan pribados pamali mun dilami-lami teu kedah dilila-lila, nudianti-anti ti tatadi di dago-dago ti baretao, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti sami uninga maksadna nanging kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga peryoga manusa pangeusi dunya anu parantos dipaparin manah rasa lisan dina saliring dumadi, teu cekap kusurti jeng tekad wungkul namung kedah dibarengan ku ucap.Teu sae miulan awi mere cai geusan mandi mere huut tina guguran namun kedah di bejer beaskeun kembang boled nu tetela.
Para hadirin miwah para tatamu sadayana
Acara urang kawitan kulantunan kalam ilahi nu bade dilantuntkeun ku kersana ...................
 ……………………………………………………………………..
ngahaturkeun nuhun ka ................. nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam ilahi mudah mudahan ageung manfaatna khususna ka anjeuna umumna ka urang sadayana anu sami sami ngupingkeun nana
Nyerenkeun
Calon panganten pameget miwah rombongan, Mugi teu janteun kekeling galih renghatnya manah. Aya naon nya pamaksadan numawi jauh-jauh dijugjug anggang-anggang diteang, sumangga geura wakcakeun masing balaka, sumangga kapangersa kasepuhan calon panganten pameget, dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebeteuning kalbu jeroning ati
Panampian
Para wargi sadayana
Nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan tipihak calon panganten pameget miwah rombongan, lain lantung tampuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya anu dimaksad seja ngaitkeun janji pasini, manjangkeun sampai babarayaan, sakotretna tina hate, sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna. nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakanana. Simkuring saukur darma teu wasa panjang carita, kanggo pangwalerna nyanggakeun ka kasepuhan ti pihak calon panganten istri waktos disayogikeun
Para wargi sadayana Bingah amarwata suta bingah kagirigiri bingah nu taya papadana, nugar cadas manggih emas, mobok manggih gorowong aya jalan komo meuntas, jalan gede sasapuan batu turun kesik naek itu purun ieu daek laksana nya pamaksadan
Akad Nikah
Para wargi sadayana
Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakan nana, mangga cacandakan hiji didugikeun secara simbolis ku ibuna calon panganten pameget ditampi ku ibuna calon panganten istri, nu sanesnamah di antaikeun wae.. mangga calon panganten pameget dicandak kalebet kanggo didangdosan heula
Para wargi sadayana,
Niti wanci numustari ninggang mangsa nu waluya Melati linggarna ati campaka mangkakna dada, koleak sakembaran koceak ninggang unggaran, uga kakaitna tali asih neng .............. jeng jang ................. janji urang pastikeun subaya urang nyatakeun nu diseja mangnyata neda pangnyakseni ti wargi sadayana upacara akad nikah seja dikawitan.. mangga candak calon panganten istri kaluar.. sumangga ka bapak petugas ti kantor urusan agama kanggo ngalaksanakeun akad nikah di .......
Sungkeman
Alhamdulilah wasukrulilah kalawan rido gusti nu maha welas asih oge pidua tisadayan akad nikah paerantos rengse kalayan lancar.. acara salajeungna diteraskeun kana sungkeuman mangga ieu acara disanggakeun ka pangersa....
Doa                             
Acara munggaran dugika akhir parantos rengse mugi urang sadayan aya dina panangtayungan gusti nu maha suci ku kituna kanggo pangmantep kahoyong urang sadayana dilajeunkeun kana doa kanggo mimpin doa mangga ka pangersa ajengan dihaturanan
Tipribados salaku pangatur waktu pangjajap acara, bilih aya basa anu teu sampurna, teu mernah sareng tata titi undak usuk basa hapunten anu diteda, urang pungkas waex ieu acara ku aosan alhamdulilahi robbil alamin

Tidak ada komentar:

Posting Komentar